Hemm.....
Sanes Abdi teu percanten kanu Asih tur mika Heman,
nu nawisan palabuan kanggo panyinggahan,
mang taun taun balayar di tengah lautan kahirupan,
ngayuh parahu kanalangsaan,
Luak leok ka anginan
Estu teu aya pisan pamuntangan,
sanes teu peryogi kanu ngamudi,
namung inggis nyuhunkeun balas budi,
rumaos seueur pisan balad nu nganti nganti,
nu janten tanggel waler diri...
Puisi Karya Noor Alya Cianjur 01 Juni 2011
Editor By : Kamaradanu kamaheman pada 01 Juni 2011 di Jakarta
Tidak ada komentar:
Posting Komentar